ASA teu puguh rarasaan. Ti peuting kénéh Mira marudah kawas aya anu dipikasieun, asa jarauh panineungan. Padahal biasana mah tabuh salapan ogé geus asup ka kamar, tara ieuh kaganggu. Najan dina TV cék batur mah rame, manéhna mah geus bebenah di kamar.
Tapi dina peuting éta, tabuh sawelas leuwih manéhna masih kénéh nyileuk. Teuing mikiran naon da cék haténa mah asa euweuh anu keur dipikiran. Salakina anu jauh, da geus ti baheula ti saprak rumah tangga. Salakina ngumbara, ari balik sabulan sakali.
Jut Mira turun tina tempat sarena. Tuluy ka tengah imah rék muru ka cai sakalian wudlu. Saméméh ka cai, manéhna muka kamar anakna. Dewi anu karék diuk di SMP kls 3.
Bray panto kamar anakna dibuka lalaunan, Dewi keur disimbut geus tibra sarena. Atuh panto kamar téh ditutupkeun deui lalaunan. Léos ka kamar mandi.
Rengse tahajud, reup Mira sare bangun anu ni’mat nanakeran. Tapi karek ogé reup, HP-na disada. Atuh kapaksa hudang deui bari ngangkat HP.
Singhoréng anu nelepon téh salakina geus aya hareupeun panto imah. Mira gura giru muka panto. Barang bray panto dibuka, Dadang salakina keur ngajanteng.
Sup duanana arasup. Dadang katingali kawas anu kurang bérag. Mira gancang mawa cai entèh anu panas, song diasongkeun ka salakina.
“Naha akang mulih sanes waktosna?” Mira nanya leuleuy sanggeus salakina nginum.
“Puguh akang teh keur manggih cocoba,” jawab Dadang bari nyarandekeun awakna dina korsi.
“Aya naon kitu kang?” Mira reuwas bari gék diuk gigireun salakina.
“Akang keuna ku PHK,” jawab Dadang rada ngahelas. “Aya lima puluh urangna anu sanasib jeung akang téh.”
Mira teu ieuh nembongkeun paroman sedih atawa keuheul. Manéhna malah ngupahan salakina ku bahasa anu matak ngeunah. Atuh Dadang katingali paromanna teu pias teuing kawas tadi, aya getihan deui.
“Kang, hirup mah tos aya anu ngatur. Mudah-mudahan ku ayana cocobi ieu urang tiasa langkung ningkatkeun kaimanan urang ka Nu Maha Kawasa,” ceuk Mira bari ngusapan salakina. “Saha anu terang Allah bakal ngagentos ku padamelan anu langkung ti kitu.”
Dadang neuteup beungeut pamajikanana mani anteb. Celengok tarangna dicium pinuh deudeuh.
“Akang téh tadina mah inggis diseukseukan. Tapi gening pamajikan akang teh awéwé anu solehah.”
Isuk-isuk kénéh Dadang geus hudang tanginas. Sanggeus solat Subuh tuluy kuprak keprek naheur cai. Atuh Mira gancang ka dapur. Manéhna ngagoréng ulén ketan, kabeneran kamari meuli ti nu ngaliwat.
Ulén ketan mani karoneng, song dijagragkeun dina méja makan eujeung cai kopina anu masih ngebul.
“Raos geura Kang. Ulén damelan Mang Katma ti tonggoh,” ceuk Mira.
Gep Dadang kana goréng ulén ketan anu masih kénéh panas. Terus digégél saeutik saeutik, mani ngerekes. Leguk cikopi diuyup.
“Leres buatan Mang Katma mah teu robih-robih. Raos we ti kapungkur ogé,” cenah bari gep deui nyokot hiji. “Kantenan anu ngagoréng na bojo akang, tambih raos we.”
Mira ngadilek ka salakina bari jeletot nyiwit lalaunan. Dadang muringis bari seuri.
Regot Dadang ngarégot cikopi, tuluy ngaluarkeun udud. Pelenyun diseuseup bangun anu ni’mat. (Hanca)



.png)
